Kurawa.co

Kurawa.co "GustiNangtayungan" Kurawa.co

20/12/2021
Saur Pun Guru, pangkat urang jalma awam mun hayang bisa khusyu shalat (ukuran nu awam) téh sakurang-kurangna kudu cumpon...
24/09/2020

Saur Pun Guru, pangkat urang jalma awam mun hayang bisa khusyu shalat (ukuran nu awam) téh sakurang-kurangna kudu cumpon tilu perkara:
1. Sing apik ngaraksa kasucian (Badan, Pakéan jeung tempat).
2. Sing apik dina rigigna sholat
3. Sing bener bacaan sholat bari kudu apal jeung hartina.

Gustiii... paingan abdi mah teu daék tinemu jeung khusyu téh. Boa abdi mah can nyumponan hiji-hiji acan???

(Sumber: Bacaan Sholat Jeung hartina Kenging Alm. Almaghfurlah Uwa Ajengan/Uwa Huda/KH. Khoér Affandi: Pendiri Ponpes Miftahul Huda, Manonjaya, Tasikmalaya).


25/06/2020

Leres Mang Cepot,,,,,,

25/06/2020

Leres Cepot,,,,,,

29/04/2020

Sahur Sahur 😅🙏

😁🙏
11/04/2020

😁🙏

FIGHTER Sing sabar Wa, Amang, Akang, Ujang., Urang mah jalma leutik kudu ngoreh ngarah macok, pere ngoreh hartina pere m...
23/03/2020

FIGHTER
Sing sabar Wa, Amang, Akang, Ujang., Urang mah jalma leutik kudu ngoreh ngarah macok, pere ngoreh hartina pere macok. Tanggungjawab nu leuwih utama, tanggjawab kanu jadi kulawarga.

Batur mah boga gajih, keun eta mah geus jalan kahirupan sewang-sewangan, tong dipake sirik. Batur ngomong, batur nyarek, anak pamajikan teu manggih dahar, kalaparan, moal anu ngomong, moal anu nyarek nu rek nulungan, nu nulungan iwal ti diri sorangan, kumaha carana ngakal ngarah ngakeul nu di imah.

Lillahi Ta'Ala urang berjuang pikeun kulawarga nu jadi kawajiban, Inysa Allah dipaparin jalan, mugia sehat, salamet, dijauhkeun tina panyakit CORONA & dipaparin rijkina kanggo Uwa, Amang, Akang, Ujang.

Gusti Nangtayungan Karuhun Marengan
😢🙏🙏🤲🤲Amin,,,,,

*Surat ti Covid 19*Kuring, sakadang corona. Virus nu kiwari keur dipikaijid, dipikasieun ku sakabéh jalma. Nagari leutik...
17/03/2020

*Surat ti Covid 19*

Kuring, sakadang corona. Virus nu kiwari keur dipikaijid, dipikasieun ku sakabéh jalma. Nagari leutik, nagari gedé tur maju, tatahar, ngatur stratégi pikeun merangan, ngagempur kuring. Nu jadi alatan, lantaran kuring bisa jadi sasalad. Teu pandang bulu, nu beunghar, nu sangsara bisa kauentreupan ku kuring. Samalah UNO jeung WHO geus ngagolongkeun kuring jadi pendemi. Kuring gampil tépa tur sumebar ka sakuliah dunya dina waktu anu singkat.
Naha kuring hébat? Naha kuring kacida dipikasieun? Naha kuring teu bisa dilawan, dihalangan? Tangtu teu kitu.
Kuring, corona, covid 19 téa, ngan sakadar mahluk. Mun kitu mah, kuring aya nu nyieun? Aya holikna? Bener pisan! Nu matak kuring héran ku manusa. Ku kuring, manusa boga rasa kasieun nu kacida. Nepi ka sagala dilakukeun pikeun ngusir kuring. Naha ku nu nyieun kuring, ku holik, manusa teu boga kasieun? Padahal kuring bisa clu-clé di mana-mana, di tempat jeung di jalma nu geus dicirian ku holik kuring. Kuring moal euntreup di manusa nu euweuh panitah atawa teu dicirian ku holik.
Kuring ngan ngalaksanakeun panitah holik. Lantaran kitu, mun aranjeun sieun ku kuring, deukeutan nu nyieun kuring, nu nyieun aranjeun, nu nyieun langit jeung bumi katut pangeusina. Lantaran Mantenna nu miboga sagalana, nu miboga kuring. Kuring teu daya, teu upaya mun teu aya kakuatan ti Mantenna. Prak geura dareukeutan holik. Prak geura sarembah holik. Prak pénta sangkan kuring gancang dititah balik ka lembur kuring, ku Anjeunna.
Jaga-jaga mah kudu, bisi kuring datang tapi ulah lebay. Sing leuwih deukeut jeung sieun ku holik nu nyieun kuring, saéstuna Allah aja wajala.
Sakitu waé surat ti kuring.

Wasalam,
Covid 19 (corona)...

27/02/2020

Ya Rabb
Abdi teh parantos dzoLim kana awak abdi kaLawan dzoLim anu pohara,,,
hanteu aya buat ngampura kana sadyn dosa anging Gusti nyaLira,,,
Mugi ngampura Gusti ka abdi ku pangampura ti Gusti
Gusti anu ngbuLak baLikeun kana sdya hate Mugi netepkeun Gusti ka hate abdi kana Agama Gusti..AAMIIN

Gusti Nagtayungan Karuhun Marengan

Address

Bandung
40556

Telephone

0817210057

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Kurawa.co posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share