09/02/2018
"BUBURUH NYATU DIUPAH BÉAS"
Di pamaréntahan ayeuna keur meujeuhna usum korupsi. Tah, jalma-jalama korup anu asup kana paribasa Sunda “Buburuh nyatu diupah béas”. Pagawéanna korupsi, jaba digajih deuih... asa ngarareunah pisan. Tapi kétang mugia urang mah henteu jadi tukang BUBURUH NYATU DIUPAH BÉAS. Mugia ulah kabita-kabita acan. Batan kitu mah, jauh leuwih hadé jadi kaum buruh, anu najan luut-léét késang bari buruhna henteu sabaraha, asal salawasna panceg di jalan bener.
Urang teu meunang kaleuleuwihi dina narékahan beubeunangan. Hayu urang lenyepan dawuhan Alloh dina al-Qur’an surat Thaahaa ayat 81, anu unina: “Pék barang dahar di antaran rijki anu hadé, anu geus dipaparinkeun ku Kami ka aranjeun, jeung ulah leuwih ti watesan anu ngalantarankeun kamurkaan Kaula nimpa anjeun. Sing saha anu ditibanan kamurkaan Kaula, mangka satemenna manéhna bakal binasa”.
*sundanews.com