05/04/2024
*Suami Istri Hubungan Intim Di Bulan Ramadhan*
Kacarioskeun di zaman kapungkur aya hiji lalaki dongkap ka kangjeng rosulullah saw.
Eta lalaki sa atos penak sareng kangjeng rosul teu ujug" nyarios kie:
Lalaki: Cilaka gusti
Nabi: Cilaka kunaon atuh maneh teh?
Lalaki: Pokonamah cilaka gusti, abdi teh tadi siang tos berhubungan intim sareng nu jadi pamajikan. Kumaha hukumna?
Nabi: Oh jadi maneh teh ges hubungan intim
Lalaki: sumuhun gusti
Nabi: Wayahna maneh kudu kifarat
Lalaki: kifarat kumaha gusti?
Nabi: Sanggup te maneh ngamerdikakeun Abid?
Lalaki: Hampura gusti, abdi mah teu sanggup
Nabi: Sanggup teu puasa berturut-turut selama 2 bulan
Lalaki: hampura dei gusti te sanggup, boroning 2 bulan, sabulan ge tos berat
Nabi: maneh boga katuangan te keur bagikeuneun ka 60 jalma miskin.
Lalaki: Teu gaduh gusti
Lalaki eta diuk, bingung rek ngifaratan na ku naon. Teu lami kangjeng nabi nyanak sawadah geude anu eusina kurma, teras di pasihkeun ka eta lalaki.
Nabi: Tah iye kurma sodakohkeun nya
Lalaki: Sodakohkeun ka saha gusti?
Nabi: Sodakohkeun ka jalma nu lewih miskin daripada kaula,, Demi Allah, teu aya penduduk anu lewih ngabutuhkeun kana katuangan kecuali eta pamasihan ti kaula.
Kangjeng nabi saw senyum, sabari nyarios kieu: "Ayena mah maneh gera balik, heg pasihkeun iye kurma ka keluarga maneh.
(HR. Bukhari Dan Muslim)
Kesimpulana:
Suami istri nu hubungan intim di bulan ramadhan (siang hari), maka wajib migawe salahsahijina tina tilu perkara, nyaeta:
1, Ngamerdikakeun Abid
2, Puasa berturut-turut selama 2 Bulan
3, Sodakoh ka 60 Jalma miskin
Kumaha mun hubungan intim di malam hari? Etamah te matak ngabatalken kana puasa
احل لكم ليلة الصيام الرفث الى نساءكم (البقره: ١٨٧)
"Dihalalkan bagi kamu pada malam hari bulan puasa bercampur dengan istri-istri kamu." (Al-BaQarah: 187)
Semoga bermanfaaf😊
Jika ada kesalahan dalam postingan ini mohon dibenarkan🙏